Lain ari masalah hate mah memang teu bisa dibobodo ceunah para wargi, tapi duka ari bener jeung henteuna mah. Da panginten para wargi oge kantos ngaraoskeun.
Matak bener ari ceuk kolot kamana,dimana, oge mending jujur. Ari masalah hasil mah nuturkeun, da piraku Pangeran oge moal nyatujuan kana ka hayang urang sarerea. Gening ari kawajiban urang mah ngan ukur usaha satekah polah bari jeung diniatan na waetu ku ihlas.
sabenerna mah nu paling sering ngaruksak hate teh gening urang sorangan, gara-gara mimitina teu jujur da ku sieun tea, jadi we kabiasaan. Kuduna dikedalkeun saeunyana,ulah dugi ka ngagedur jadi amarah, nu balukarna nuntun kana jalan salah.
Bilih para wargi gaduh pangalaman atanapi komentar mangga wae.. di lebetkeun tah..






0 komentar
Posting Komentar